Kali ini aku mau share
tentang bintara sunda. Semoga bermanfaat ^^
Pentingna Mihara Kabersihan
Assalamualaikum wr.wb.
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Alloh SWTnu
mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa riung mungpulung dina
ieu kasempatan kalayan dina kayaan alhamdulilah sehat walafiat.
Ibu guru anu kusimkuring dipikahormat, sareng rerencangan anu
kusimkuring di pikacinta. Dina danget ieu simkuring bade ngiring cumarios
anu aya patalina sareng hirup sehat kanggo urang sadayana, nyaeta
pentingna miara kabersihan lingkungan.
Hadirin sadayana, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan.
Supados urang teu kaserang ku panyakit anu bisa ngabahayakeun hirup urang
sadayana. Ku margi kitu ti mimiti ayeuna urang kedah ngabiasakeun
nerapkeun pola hirup sehat kanggo diri urang sorangan sareng terus
ngajaga kabersihan lingkungan urang sadayana.
Hadirin
sadayana, pentingna miara kebersihan teh lain ngaberesihan badan urang mungkul
jeung lingkungan sakitar imah wungkul. Tapi Mihara kabersihan di sakola ogen
kacida pentingna. Cing naha bet penting? tarerang teu?. tangtu atuh ngajaga
kabersihan sakola teh penting pisan. Anu kahiji Lamun sakola eta kotor
tantu wae atuh sakola eta teh bakal dicap kumasyarakat jadi sakola anu kurang
merhatikeun kabersihan. Anu kadua lamun lingkungan sakola kotor, tantu wae bakal
ngaganggu kana waktos ngajar jeung diajar . Misalna lamun di lebet
kelas seeur sampah, nu nyebabkeun bau, nu tiasa ogen jadi sarang rengit anu
bisa ngakibatkeun DBD, panyakit kulit jeung lain sajabana. Nu bakal nyiptakeun
suasana di ajar nu teu nyaman nu ngajanteunkeun konsentrasi urang di ajar
ngaganggu murid jeung guruna. Kumargi kitu sakola perlu merhatikeun kabersihan
kucara ngayakeun tong sampah organic jeung non organic di tiap ruangan kelas
jeung ruangan lainna. Di kelas-kelas ngayakeun jadwal piket,
jumsih,salain eta sadaya warga sakola kedah jeung wajib ngiringan ngajaga
kabersihan lingkungan sakola kanggo kapentingan hirup urang sadayana . Kumatak
kitu hayu urang sasarengan mihara kabersihan ti mimiti ayeuna
Sakitu wae ti abdi hapunten bilih aya kalepatan
da kakurangan mah milik abdi, kasampurna nyaeta Milik alloh SWT
Wabillahi taufik
walhidayah
good! :D
BalasHapus